Aya Kampung Naga, di Singaparna Tasikmalaya, aya ogé Kabuyutan Cipaku Di Darmaraja Sumedang ngan ayeuna niti wanci kakeueum ku Jatigédé. Aya ogé Baduy atawa Kanekes di Banten, jrrd.
Tah, di Garut mah aya Kampung Dukuh. Kampung Dukuh ten pakampungan tradisional atawa kampung budaya kaarifan lokal anu masarakatna pageuh nyekel adat karuhun. Di Kampung Dukuh mah masarakatna téh dipahing hirup mewah jeung royal. Anu matak di éta kampung mah taya listrik, televisi, radio, jeung barang-barang elektronik séjénna.
Kampung Dukuh pernahna di Désa Cijambe, Kecamatan Cikelet, Pameungpeuk Garut. Anggangna kira-kira 100 km ti kota Garut téh deukeut laut sagara kidul. Ti kajauhan ogé bédana Kampung Dukuh téh geus katara. Imah-imahna kabéh panggung nge-jur ngulon. Hateupna injuk atawa eurih, dibilik, sarta lantena ku palupuh. Pangeusina dipahing nyimpen barang mewah. Dalah ranjang gé teu dimeunangkeun. Mun saré cukup ku ngampar samak baé.
Naha bet kitu?
Éta téh geus jadi adat urang Kampung Dukuh luyu jeung kasauran karuhun anu geus turun-tumurun. Aya tilu pacaduan di dinya téh. Pacaduan kampung, pacaduan makom, jeung pacaduan leuweung. Pacaduan kampung ngatur ngeunaan wangunan imah jeung eusina. Pacaduan makom ngatur tata cara jarah ka makom karomah. Pacaduan leuweung ngatur tata cara miara leuweung di sabudeureun makom karomah.
Makam saha nu disebut makom karomah téh?
Mimitina anu datang ka Cikelet teh nyaeta syekh Pamijahan, didieu Syékh pamijahan (Syékh Haji Abdul Muhyi) nyebarkeun agama Islam bari neangan tempat anu dituduhkeun ku Guruna pikeun tirakatan, ngan di ieu tempat Syékh Pamijahan teu pati lila cicingna kurang leuwih ngan sataun (1685-1686 M). Nya didieu oge ramana Syékh Pamijahan ngantunkeun nyaeta Embah Lebe Warta Kusumah dimakamkeun di sisi Cikaengan.
Salain ti Makam Embah Lebe Warta Kusumah, aya oge makam Syékh Abdul Jalil luluhur urang Kampung Dukuh. Baheula, jaman tatar Sunda aya dina kakawasaan Mataram, kira abad ka-17, anu jadi panghulu di Kadaleman Sumedang téh nya Syékh Abdul Jalil.
Ari nu jadi Dalemna mangsa harita Rangga Gempol. Hiji mangsa, waktu mangkat ibadah haji ka Mekah, aya dua utusan ti Kasultanan Banten anu menta sangkan Dalem Sumedang taluk ka Banten, lain ka Mataram. Tapi éta pamenta téh ditolak ku Rangga Gempol, malah utusan Banten téh tuluy diusir.
Sanggeus amitan, éta utusan téh balik deui ka Banten, ngan di tengah jalan dipateni kalawan parentah Dalem Sumedang. Da tangtu lamun éta utusan laporan ka Sultan Banten, nu pasti bakal aya riributan.
Sanggeus Syékh Abdul Jalil balik deui ka Sumedang, éta kajadian téh dirusiahkeun pisan. Tapi lila-lila mah aya nu ngabejakeun ka Syekh. Puguh baé Syékh Abdul Jalil téh bendu kabina-bina. Dalem Sumedang dianggapna geus nyieun codeka. Nepi ka antukna Syékh téh ingkah ti Sumedang, lunta ka pakidulan Garut.
Nu Ahirna, Syékh ngababakan jeung bubuara di tempat nu ayeuna katelah jadi Kampung Dukuh. Ka turunanana, Syékh téh ngajarkeun hirup basajan jeung pageuh nyekel bagbagan Islam.
Nepi ka ayeuna gé naon anu diajarkeun ku Syékh Abdul Jalil téh dijalankeun jeung dijaga pisan ku rundayanana.
Sabada ngantunkeun, Syékh dimakamkeun di makam karomah anu dikaramatkeun pisan. Anu badé jarah ka dinya teu bisa sagawayah.
Ngan dina poé Saptu wungkul éta makam bisa dibuka. Leuweung di sabudeureun éta makam ge, teu meunang dituaran.
Unggal waktuna Solat, masjid nu aya di Kampung Dukuh mah tara towong, pinuh-pinuh baé.
Kaayaan kampungna gé tingtrim pisan. Tara aya nu kabejakeun kapalingan atawa karampogan. Nyimpen pare gé di sawah, tara dibawa ka imah. Dibawa ka imah sotéh lamun perlu keur dahar baé.
Baheula mah numutkeun ki dulur nu aya di Cikelet sok aya Habib-habib datangna ti Bogor, datang ka Kampung Dukuh teuing ngaku katurunana, teuing kumaha ngan eta Habib teh pamentana nu lain-lain, malah mah cai tina dampal sukuna wae dianggap barokah cenah, terus eta habib teh pementana ngawinan awewe-awewe nu aya di Kampung Dukuh, tapi ditedunan wae eta kahayang eta habib teh, da meureun pedah ngakuna eta Habib teh turunan ti kanjeng Rosulullah SAW, padahal mah duka teuing turunan mana. Teuing eta habib teh habib Syiah. Ari geus kitu eta awewe anu dikawinan teh ku Habib anu daratang ti Bogor nya baroga budak tapi terus kitu ditinggalkeun. Pamajikanana mah teu dibawa.
Tapi ayeuna Geus heunteu da meureunan geus pada ngalantri.
Sababaraha taun katukang kungsi Kampung Dukuh kahuruan beak imahna kulantaran katiga panjang keur bulan romadhan, tapi ayeuna geus merenah deui.
Pamungkas ieu tulisan :
Cikelet Nu Kapungkur
Cikelet Lembur di Lingkung Ku Pasir
Nangkerok Dina Legok Sacangkewok
Saha nu Kapungkur nu Ngawitan Muka Lembur
Kapannya Luluhur Karuhun Urang Sadaya
Cikelet Lembur di Tingker ku Pasir
Na Legok Tapak Emok Nu da Renok
Lembur nyanding Gawir Nacukleuk Gunung Manglieuk
Nu Nambah ka Betah Walungan Cipasarangan
Reff :
Cikelet waktu ka pungkur
Dijaman para luluhur
Harita jalma teu acan loba
Lembur ge teu acan gede
Cikelet Jaman Ayeuna
Sanggeusna alam Geus Beda
Mekerna Jauh Ningkat Kacida
Maringan mekarna jaman
Cikelet urang nu boga
Warisan urang nu nampa
Cing mangga hayu hayu urang piara
Jungjungkeun ku sararea
#KampungKearifanLokal

Posting Komentar