Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
Istilah tatakrama basa Sunda numutkeun hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna. Sedengkeun tatakrama basa Sunda dimaksudkeun pikeun silihormat jeung silihajénan.
Basa hormat jeung basa loma
Sahanteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nya éta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma.
Basa kasar
Sabenerna aya hiji deui ragam basa Sunda, nyaéta basa kasar atawa garihal. Ragam basa ieu sok dipakéna sawaktu keur ngambék, nyarékan, paséa, ngécé, atawa ka sato. Tangtuna lantaran kasar, ragam basa ieu teu kaasup kana tatakrama.
Contohna : Anjing sia maneh, Goblok sia maneh, jsb. Jiga barudak ayeuna nu geus teu make tata krama sunda.
Posting Komentar