Rarakitan

Rakit

Sumedang Press - Basa Sunda, Rarakitan téh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Kecap rarakitan asalna tina rakit atanapi pasang/masangmunding sarakit, hartina: munding sapasang/sajodo. Disebut rarakitan, pédah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipaké deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, atanapi Ngarakit. Kaayaan kitu téh dipapandékeun kana sipat rakit anu papak dina puhuna.
 
Purwakanti anu aya dina rarakitan –sarta mangrupa ciri anu ngabédakeun jeung Paparikan, nyaéta: purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran aya kecap-kecap anu dipindo (dibalikan) dina awal padalisan. Kulantaran purwakanti mindoan kawit téh antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku padalisan séjénnepi ka siga nu pacorok.
 
Contona:
jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimérangeun.
jauh-jauh néang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun.

Cangkang:
jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimérangeun.

Eusi:
jauh-jauh néang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun.

Rarakitan anu di luhur téh sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua: cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat: eusina.
 
Kecap anu aya dina awal padalisan cangkang, sarua (murwakanti) jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi (nyaéta: jauh-jauh). Kitu deui kecap anu aya dina awal padalisan kadua cangkang, sarua jeung kecap anu aya dina awal padalisan kadua eusi (nyaéta: nyiar-nyiar).
 
Salian ti éta, purwakanti téh aya dina tungtung padalisan deuih –ieu ogé murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti jeung abdi, pimérangeun murwakanti jeung pimelangeun.
 
Unggal padalisan dina rarakitan, umumna diwangun ku dalapan engangsanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana, réréana mah anu opat padalisansanajan aya nu leuwih ti opat padalisan ogé. Tangtu baé jumlahna kudu jangkep –saperti genep padalisan; dalapan padalisan; jeung sajabana ti éta.
 
Upama nilik kana eusina, rarakitan téh bisa dibagi jadi tilu golongan nyaeta: silih-asih, piwuruk jeung lulucon.

Rarakitan Silih Asih
Rarakitan silih-asih, nyaéta rarakitan anu eusina patali jeung: silih-asih; cinta; atawa birahi.
Contona:
mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaanloman leungeun.
mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan dengeun.

daék sotéh ka Cikonéng,
ka Cisitu mah henteu purun.
daék sotéh ka nyi Onéng,
ka itu mah henteu purun.

sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.

kaduhung kuring ka Lémbang,
ka Lémbang ka Cibiana.
kaduhung kuring kagémbang,
kagémbang kieu rasana.

hayang teuing buah hiris,
teu bisa ngasakanana.
hayang teuing ka nu geulis,
teu bisa ngakalanan.

mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna ogé hadé.
mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina ogé hadé.

ka Cianjur mawa jalak,
ka Ciranjang mawa ékék.
ka batur mah abdi nolak,
ka akang mah abdi daék.

batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya baé.
batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara baé.

hayang ngala kacang panjang,
tangkalna handapeun waluh.
hayang nanya mojang lenjang,
hanjakalna henteu wawuh.

kajeun teuing konéng parud,
asal maké gula baé.
kajeun teuing goréng patut,
asal daék béla baé.
reundeu beureum reundeu hideung,
reundeu kayas soléntangan
.
beuki heubeul beuki nineung,
lawas-lawas kaédanan
.

samping hideung dina bilik,
kumaha nuhurkeunana
.
abdi nineung ka nu balik,
kumaha nuturkeunana
.

Rarakitan Piwuruk
Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina: piwuruk; pituah; atawa naséhat.
Contona:
ti batan mamawa pedang,
mending gé mawa ragaji.
ti batan ulin bagadang,
mending gé diajar ngaji.

lamun urang ka Cikolé,
moal hésé tumpak kahar.
lamun urang boga gawé,
moal hésé barang dahar.

peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam katé.
peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun haté.

ari hayang melak wijén,
ulah deukeut awi gombong.
ari hayang pada ngajén,
ulah boga sikep sombong.

sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
sing getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat.

lamun hayang dahar noga,
kudu daék nya meulina
.
lamun hayang asup sorga,
kudu daék nya solatna
.

mawa ragi ka Cilutung,
tikukur ngudag saéran.
boh rugi atawa untung,
kudu sukur ka Pangéran.

boboko ragrag ti para,
ninggang kana panto késér
.
mun bogoh ulah katara,
ambéh heunteu matak géhgér
.

Rarakitan Sésébréd
Rarakitan sésébréd nyaéta rarakitan anu eusina kaya-kayaning: lulucon; banyol; tambuh laku; kritik sosial; pamitan; jeung salian ti éta.
Contona:
rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.

deudeuh teuing jeruk purut,
keur konéng téh loba hileud.
deudeuh teuing nu camberut,
keur goréng téh mindeng baeud.

aya listrik di masigit,
hanjakal moncor ka kolong.
aya istri jangkung alit,
hanjakal tonggongna bolong.

majar manéh cengkéh konéng,
kulit peuteuy dina nyiru.
majar manéh lengkéh konéng,
kulit beuteung meni nambru.

sok hayang nyaba ka Bandung,
sok hayang nyaho nanjakna.
sok hayang nanya nu pundung,
sok hayang nyaho nyentakna.

aya budak mawa casan,
ngan hanjakal teu dibeuli
.
aya budak geulis pisan,
ngan hanjakal tara mandi.

di dieu loba kaliki,
hanjakal teu baruahan.
di dieu loba lalaki,
hanjakal teu aruyahan.

di dieu loba kanyéré,
hanjakal parentil kénéh.
di dieu loba awéwé,
hanjakal carentil kabéh.

ka mana nya nyiar kulit,
hayang seubeuh sesewiran.
ka mana nya nyiar duit,
hayang seubeuh pelesiran.

gunung Guntur gunung Guntur,
laharna ka peupeuntasan
.
amit mungkur amit mundur,
wiréh badé parantosan
.

saninten buah saninten,
dibawa ka parapatan
.
hapunten abdi hapunten,
bilih aya kalepatan
.

Baca Juga :

Post a Comment

أحدث أقدم