Mun barudak ayeuna jigana moal manggihan kaulinan kolotna keur budak, da jaman anu geus kongas robah ku jaman gadget saperti jaman playstation, gadget games, jrrd.
Nya mungkin aya keneh oge ari lain-lain na mah saperti maen langlayangan, ngadu kaleci, maen kartu mah da aya nu jualan barangna bari kudu menta duit kanu jadi kolotna.
Dihandap ieu aya kaulinan nu kungsi kaalaman kunu jadi kolot atawa indung bapana jaman baheula keur leutikna.
1. Ambil-ambilan
Ambil-ambilan nya éta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun ku dua rombongan atawa kelompok ngajajar pahareup-hareup.Cara ngawihna siligenti patémbalan kawas sisindiran, tuluy tumuluy nepi ka éléh rombongan atawa kelompok nu hareupna teu bisa ngajawab deui.Budak nu kapilih ku rombongan anu kabagéan milih, disebut ngaranna tuluy pindah ka rombonganana atawa kelompokna, pindahna bari éngké-éngkéan sarta bari disurakan "maling endog" ku rombongan anu ditinggalkeun.Tuluy nu éléh biasana kudu narima hukuman ti nu meunang, lamun nu éléh teu narima kana hukumanana bisana sok leuwih disurakan ku barudak nu meunang atawa disebutan euweuh kanjutan keur lalaki, mun keur awéwé mah biasana sok disebutanna téh euweuh peurahan.Kieu rakitan kaawihna:
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil kami mah teu boga incu
- Si Anu kadieu purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé.
Kawih lianna :
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil, kami mah teu boga incu boga gé anak pahatu
- Pahatu gé daék purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé
2. Anjang-anjangan
Anjang-anjangan nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tanangga, aya bapa,ibu,anak, tatangga, warung, pasar jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwe, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.Saenyana mah teu aya palaturan nu matuh, mung palingan ge budak nu kabagean peran bapa, indung atawa anak kudu bisa ngahayatan peran nu dilakon. Mun saenyana aya aya nu teu bisa ngahayatan, biasana sok dipoyokan teu bisaeun ulin.
3.Ayang Ayang gung
Ayang-ayang gung nya éta kawih kaulinan anu dilagukeunana bari ayang-ayangan,pauntay-untuy.Biasana mangrupa lagu panganteur dina kaulinan ucing kuriling atawa ucing peungpeun.Rakitanana kieu :
Kawihna :
Ayang-ayanggung, gung goongna ramé,
ménak Ki Mas Tanu, nu jadi wadana,
naha manéh kitu,tukang olo-olo,
loba anu giruk,ruket jeung Kumpeni,
niat jadi pangkat, katon kagoréngan,
ngantos Kangjeng Dalem,
lempa lempi lempong jalan ka Batawi ngemplong.
Kawih lianna:
Oyong-oyong bangkong,'kong parakan nyambut,
buten buah beunying, nyingsat ka cawéné,
néang nu ngajuru, rungkad sajajagat,
gatrik naék munding, dingklak ka landeuhkeun,
keuna kana burang, rangkék naék jambé,
béo waliyulah, laha dina bilik,
lika meunang nguseup, seupan leunca ngora,
ratib ngan duaan, anteur kami mulang,
langka munding bulé, lédéh kahujanan,
nangtung jadi ratu, tuan besar senang,
nangtung ka nu butuh, tutali tumenggung,
gung goongna ramé, ménak Ki Wastanu,nu jadi wadana,
naha manéh kitu, tukang olo-olo,
loba anu giruk, ruket jeung Kumpeni,
niat jadi pangkat, katon kagoréngan,
ngantos Kangjeng Dalem, lempa lempi lempong jalan ka batawi ngemplong,
plong ka kulon plong ka wétan, tantara Lemah-abang,
bangkong luncat ka sawah wahon Abdul Wahab,
Habib tukang bajigur Gurka kurang ajar,
jarah ka Batutulis, lisung nini-nini,
Nipong tukang tipu, puas dibom atum,
tuma nyaliara, ramé di Jakarta,
tara ti sasari, ribut loba Indo,
Indonésia Merdéka
4. Boy-boyan
Boy-boyan teh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy,dikumpulkeun potongan kenténg (10~15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-na.
5. Bebentengan
Bébénténgan nyaéta kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga benteng anu dijaga ku batu, talawengkar jsb.
6. Beklen
Béklen atawa béklen nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
Palaturan
kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal beklenna nu bahanna tina karet, rata2 dipaenkeun ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rek 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu beresih nguriling jiga samodel lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk hiji-hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali atawa leuwih mah lasut.. conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna.. geus kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, geus ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui. bagean ka batur mah lamun pamaen ka hiji lasut, nya giliran maenkeunana.Minangka ujianana, istilahna "naspél". Sanggeus proses kahiji nepi ka proses ka ditangkubkeunana kewuk nepi ka 10, naspelna teh kewuk ditangkarak-tangkarakkeun terus dirawu kabeh, geus kitu ditangkub2keun dirawu deui. geus kabeh karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka luhur bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun. Lamun dina dampal leungeun nyesa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui. engke ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna. henteu mimiti ti 1. jadi langsung. kitu oge nangkarak2keun, nyokotna 2/3/4 kumaha nu kasanggap tea. mun keur naspel lasut, nya kudu balikan deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi ka bisa ngaranggeum kuwuk tea).
7. Caca Burane
Caca burané nya éta kawih kaulinan anu tujuanana saru pikeun teteguhan siga Pacublak cublak Uang jeung Tungtung Kalintung. Carana sarua pédah béda rakitan kawihna, barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh nu bakal neguh.nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun babarengan.Barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh nu bakal neguh Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salasaurang ngeupeul barang anu rék diteguh. Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh.

Rakitanana kieu :
Caca burané, Burané tali gobang, Gobang pancarané, Anak gajah bebayuné Jing gojing léwok-léwok, Jing gojing léwok-léwok.
8. Cacaburange
Cacaburangé nyaéta Kaulinan di jero imah bari Kakawihan,Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
9. Cing Ciripit
Cing ciripit nya éta kawih paranti milang,saméméh ucing-ucingan. Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan. Cara maénna mimiti barudak ngariung, tuluy salah saurang budak biasana budak nu panggedéna ngasongkeun dampal leungeunna katengah riungan bari narangtung, tuluy budak séjénna ngasongkeun curukna séwang-séwangan ditapelkeun kana luhureun dampal leungeun budak nu panggedéna téa, sanggeus kitu barudak anu ngasongkeun curukna séwang-séwangan téa, ngangkat jeung nurunkeun curukna séwang-séwangan bari ngawih cing ciripit, saha nu kacekel curukna berarti éta nu éléh atawa nu eméng kudu ngudak barudak séjén nu teu kacekel curukna, nu séjén lalumpatan ngajauhan nu eméng, tuluy mun aya nu kacabak salah saurang budak berarti jadi pindah budak éta nu eméng jeung kudu nyabak atawa ngaeméngkeun barudak séjénna kitu saterusna nepi ka kabagéan kabéh.Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak.

Cing ciripit Tulang Bajing kacapit,
Kacapit ku bulu pare,
Bulu pare seuseukeutna,
Kawih lianna :
Cing ciripit Kadal buntung dua saringgit,
Dipaké nyandung A, I, U,
daun cau nangka ngora,
Ari tang tang tang tangkeupan.
10. Cingcangkeling
Cingcangkeling nya éta kawih paranti milag saméméh barudak ulin ucing-ucingan. Ieu kawih kaulinan barudak cingcangkeling téh dilakukeunna bari ngariung henteu papisah saurang-saurang tapi babarengan jeung biasana sok ditunjuk ku juru ngawihna nu salah saurang budak éta, budak nu kabilang ditunjuk nurutkeun wirahma kawihna, tuluy kudu ngudak budak séjén nu teu katunjuk.Carana budak nu kabilang, kudu nyabak budak nu teu kabilang, tuluy lalumpatan ngajauhan budak anu geus kabilang tadi, satuluyna kitu terus nepi ka kabéh budak beunang kacabak, aturannana teu meunang aya budak anu jauh-jauh teuing lumpatna, kudu sakurilingeun lapang atawa buruan imh tempat maranéhna ulin, teu kaci lamun aya nu jauh berarti budak éta kaluar maénna atawa gugur teu bisa ngiluan maén deui nurutkeun kasapukan kabéh budak nu milu ulin dina éta kaulinan, biasana barudak nu ulin bari ngawihkeun ieu kawih cingcangkeling téh sok bari heureuy silisurungkeun atawa bari luluncatan teu puguh embung cicing kumaha wé budak leutik nu keur meujeuhna resep ulin.Saméméh prung sok dikawihkeun heula ku saurang,nu sèjènna nuturkeun ngawih bari nyurakan nu kabilang.

Cingcangkeling, Manuk cingkleung cindeten, Plos ka kolong, Bapa Satar buleneng
11. Cingciripit
Kaulinan budak ieu minimal dilakukeun ku 3 urang, saurang nu jadi ucing kudu namprakeun leungeun,ari nu lainna neundeun curuk kana leungeun ucing. Terus bari nembangkeun kawih diluhur. Pas dina bait jrek.. jrek... nong! leungeun ucing nu namprak gancang dikeupeulkeun, anu teu kebat ngejatkeun curukna/curukna kakeupeul gantian jadi ucing.
Kawihna :
Cingciripit Tulang Bajing Kacapit, kacapit kubulu pare, Bulu pare seuseukutna, Jol Pak Dalang Mawa Wayang Jrek...jrek..noong!!.
12. Cok Cang (Cok Cangan)
Cok cang (cokcangan) nya éta kawih paranti milang saméméh ulin ucing-ucingan. Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan.Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak. Cara maénna nya éta budak nu kabilang, kudu nyabak budak nu teu kabilang, tuluy lalumpatan ngajauhan budak anu geus kabilang tadi, satuluyna kitu terus nepi ka kabéh budak beunang kacabak,aturannana teu meunang aya budak anu jauh-jauh teuing lumpatna, kudu sakurilingeun lapang atawa buruan imah tempat maranéhna ulin,teu kaci lamun aya nu jauh berarti budak éta kaluar maénna atawa gugur teu bisa ngiluan maén deui nurutkeun kasapukan kabéh budak nu milu ulin dina éta kaulinan.

Cok cang, si pencok, si kacang, Si niti anggolati, Si togog montok.
Rakitan kawih séjénna :
Cok cang si pendék si kacang, Si niti anggolati, Dog clo, Bo lo nyon.
Atawa :
Cok cang si pendék si kacang, Si niti anggolati, Lameta déning si togog Montok,
13. Congklak
Congklak nyaéta kaulinan maké papn kai dieusi kewuk.Geus aya lombang-lombangna 7, ngajajar. Di hareupeun lombang 7 ge aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna. Eta lombang teh dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa bareto mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batu laleutik.
Cara maenna :
Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gede minangka lombang rajana mah henteu dieusian, dipaenkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabeh lombang leutik dieusian, tuluy salahsahiji nu maen nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka beakna siki. Giliran ieu nu lombang gede (tabungan manehna, nu beulah kencaeun nu maen) ge dieusian sasiki, lasutna teh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "nembak", siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maen eta. Nya geus kitu mah bagilir bagean pamaen lawanna da lasut tea
14. Damdaman
Damdaman nyaéta kaulinan anu maké mikir lantaran butuh strategi sangkan buah daun urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
15. Empet empetan
Empét-empétan nyaéta kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.di maenkeun ku barudak bari seuseurian jeung gogonjakan.silih ponyok tarompet saha anu butut sorana.
16. Endog endogan
Endog-endogan nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan. Kawihna siga kieu :
"Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre".
Mun nyubut pre langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu ditemprakeun anu paling handap tuluy sampe kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui siga kieu :
“goleang goleang Mata sapi bolotot bari handapeun mata barudak sok silih dibeyeng kahandap ku sorangan.”
17. Eundeuk eundeuk Cang
Eundeuk-eundeuk cang nya éta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari eundeuk-eundeukan dina dahan tatangkalan.Barudak ngarawih bari suka bungah jeung ngeundeuk-ngeundeuk tangkal anu ditaékannana, ngarawihna bari seuseurian kawas nu nyurakan batur nu ngaliwat ka éta tangkal, dikawihkeun dialeu-aleu.

Eundeuk-eundeuk cang lagoni , Meunang peucang sahiji, Leupas deui ku nini, Beunang deui ku aki.
Rakitan kawih lianna kieu :
Eundeuk-eundeuk cang lagoni, Meunang peucang sahiji, Leupas deui ku nyai, Beunang deui ku santri, Leupas deui ku nini, Beunang deui ku aki.
18. Galah Asin
Galah asin nyaéta kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
Palaturan:
Aya sababaraha kalompok (grup). Sakalompokna biasana aya dua urang. Paulinan ieu biasana di buruan taneuh anu lega, saumpamana di lapangan terus make garis. Cara ngulinkeunana salah sahiji kalompok, nangtung sajajar ngajagaan lapang atawa garis. Tiap garis dijagaan ku tiap urang. Kalompok anu lawan tugasna sangkan bisa ngaliwatan eta garis. Lamun bisa ngaliwatan garis kahiji kudu dituluykeun deui kanu baris kadua. Mun gagal ngaliwatan garis berarti eleh. Saterusna tuluy gantian.
19. Gatrik
Gatrik nyaéta kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
20. Gugunungan
Gugunungan nyaéta kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul
21. Hahayaman
Hahayaman nyaéta kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam,saurang nu lain jadi careuhna.Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
22. Hompimpah
Hompilah nya éta kawih paranti milang saméméh prung maén ucing-ucingan. Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan. Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak.Cara ngalakukeunana barudak ngariung bari namprakkeun jeung nangkubkeun dampal leungeunna tuluy ngawih babarengan, saha budak anu teu sarua hasil hompilahna aya nu nangkub dampal leungeunna saurang, atawa nu nangkarak dampal leungeunna saurang berarti éta budak nu éléh jeung eméng kudu ngudag budak séjén nu sarua hasil hompilahna, tuluy nalika barudak lalumpatan ogé teu kaci jauh-jauh teuing lumpatna, lamun jauh nepi ka kaluar tina galur lapangan atawa jauh ti buruan imah dianggap gugur atawa teu bisa miluan deui maén ucing-ucingan.Tuluy nalika maén ucing-ucingannana bisana disawatara tempat séjén mah sok aya hukuman atawa balesan pikeun budak nu éléh ku cara di cabak atawa dikélékéték nepi ka seuseurian malah aya budak nepi ka ngaompolan manéh banget ku tuluy-tuluyan dikélékéték diriung ku budak séjénna nu teu éléh.
Kieu rakitan kawihna: Hompilah hompimpah,..Alaihum gambréng
23.Jajangkungan
Jajangkungan atawa égrang nyaéta kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan.
24. Kalong King
Kalong king nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun nalika layung pasosoré, biasana lamun aya kalong ngaliwat tinggalayang disurakan bari dikawihan.Nalika kalong ngaliwat, barudak sok ribut nyurakan bari ngawih kalong king, suka bungah seuseurian nyurakanana ogé sok tara kira-kira jiga nu ijid ka kalong téh, ngan ramé wé da barudak mah néangan hiburan pikeun ngabubungah haténa lain saukur nyurakan.Kieu kawihna :
“Kalong king, kalong king, Bapa sia utah ngising, Dibura ku madu ucing, Madu ucing meunang maling,Maling ti imah aing”
25. Kawih Kaulinan
Kawih Kaulinan nya éta kakawihan barudak atawa kawih murangkalih,mangrupa sabangsa kawih anu biasa dikarawihkeun ku barudak bari arulin,boh dilakukeun di jero imah,boh di luar upamana di buruan keur kaayaan caang bulan, atawa di tempat lianna tempat maranéhna ulin.Rakitan kakawihan barudak mangrupa lalaguan balaréa anu sipatna anonim, biasana tara sarua unggal daérah sok aya baé bédana saeutik.Kiwari kawih kaulinan geus jarang dikawihkeun ku barudak, komo budak nu cicingna di kota mah meureun geus tara pisan dilakukeun, biasana kawih kaulinan téh sok dipaké ku barudak nu cicingna dipadésaan atawa pakampungan, di daérah pagunungan.Budak nu biasana ngawih lamun keur ulin téh sok babarengan jeung babaturannana,tara sosoranganan.
Conto Kawih Kaulinan :
• Cing Cangkeling atawa cingcangkeling, Cingcangkeling, Manuk cingkleung cindeten,
Plos ka kolong, Bapa Satar buleneng.
• Cing Ciripit
Cing ciripit, Tulang Bajing kacapit, Kacapit ku bulu pare bulu pare seuseukeutna.
Kawih lianna :
Cing ciripit, Kadal buntung, duit saringgit, Dipaké nyandung A, I, U, daun cau nangka ngora, Ari tang tang tang tangkeup !
• Cok Cang (Cokcangan)
Cok cang si pencok si kacang
Si niti anggolati Si togog montok
Rakitan kawih séjénna :
Cok cang, si pendék, si kacang, Si niti anggolati, Dog clo Bo lo nyon.
atawa:
Cok cang, si pendék, si kacang, Si niti anggolati, Lameta déning, si togog Montok.
• Hompilah
Hompilah, hompimpah, Alaihum gambréng
• Tutunjukan
Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai,
Ah embung, sieun bugang dina muncang.
Kokoplak sayang kadanca Si paok katinggang picung,
Cungcurung ka Cipicung
Dél odél papatong dosol Tinyohnyor.
Kawih lianna :
Tutunjukan téténjékan,
Si Tétéh anteur ka cai,
Sieun bugang dina muncang
Kokoplak sayang kadanca
Kadanca katindih picung,
Cungcurung kawin odéng,
Odéng panjang buntut.
• Prang-pring
Prang-pring-prung,
Sabuluh buluh gading,
Saunda unda perang
Nya perang di pangadegan
Turuné puyuh Hayam jago babaranten
Dikencréng-kencréng kucubung
Kucubung kuruwak dugel
Mana dugel ka si muntel
Telur jalu kembang kuménggér géyé.
• Eundeuk-Eundeuk Cang
Eundeuk-eundeuk cang lagoni,
Meunang peucang sahiji,
Leupas deui ku nini,
Beunang deui ku aki
Rakitan kawih lianna kieu :
Eundeuk-eundeuk cang lagoni,
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nyai
Beunang deui ku santri
Leupas deui ku nini,
Beunang deui ku aki.
• Pacublak-Cublak Uang
Pacublak-cublak uang, Uangnya manggul lonténg,

Butata butiti, Si Tata wara-wiri,
Tangsi nona tangsi babah, Si sidin mau kawin,
Gamelan jegar-jegur, Amil panghuluna,
Ta e em ta e em ta e em ta e em ta e em ta.
Rakitan kawih séjénna :
Pacublak-cublak uang,
Manggoléntang-manggolanting,
Butata butiti,
Gembrang-gembrung, Gembrang-gembrung,
Bo e-em, bo e-em.
• Tungtung Kalintungan
Tong mali,
maliatong mendekong,
Kayu manis disangkané ora sombong.
Sombong rinci-rinci.
Sombong rinci-rinci.
Mbok ayu tiang pundi.
Pundi tongtak-tongtak.
Pundi tongtak-tongtak.
Tung tung kalintungan,
Manis kalintung sawuda-wuda wana.
Bayem raja tua tangisono.
Titip lendung titip jangkung.
Tumurun pangantén anyar.
Cir kuciprak,
kadeléh montok.
Cir kuciprak,
kadeléh montok.”
• Caca Burané
Caca burané, Burané tali gobang. Gobang pancarané. Anak gajah bebayuné. Jing gojing léwok-léwok. Jing gojing léwok-léwok.
• Tokécang
Tokécang, tokécang,
Moncor ka handapeun palang,
Nangtungna patukang-tukang”.
Kawih lianna :
1.Tokécang, tokécang, Balangendir tosblong, Angeun kacang, angeun kacang, Sapariuk kosong.
2.Tokécang, tokécang, Balangendir tosblong, Angeun kacang, angeun kacang, Sapependil kosong.
3.Tokécang, tokécang, Malik pendil tosblong, Angeun kacang, angeun kacang, Sapariuk kosong.
• Sasalimpetan
Sasalimpetan, Jajahan aing nu panjang héy! héy! Saha nu panjang..
• Ambil-Ambilan
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil kami mah teu boga incu
- Si Anu kadieu purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé.
Kawih lianna :
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil,kami mah teu boga incu,boga gé anak pahatu
- Pahatu gé daék,purah nutu purah ngéjo,purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna,kacugak ku kaliagé

• Ayang-Ayang Gung
Ayang-ayanggung, gung goongna ramé, ménak Ki Mas Tanu, nu jadi wadana, naha manéh kitu,tukang olo-olo, loba anu giruk, ruket jeung Kumpeni, niat jadi pangkat, katon kagoréngan, ngantos Kangjeng Dalem, lempa lempi lempong jalan ka Batawi ngemplong.
Kawih lianna:
Oyong-oyong bangkong, kong parakan nyambut, buten buah beunying, nyingsat ka cawéné, néang nu ngajuru, rungkad sajajagat, gatrik naék munding, dingklak ka landeuhkeun, keuna kana burang,rangkék naék jambé,béo wliyulah,laha dina bilik, lika meunang nguseup, seupan leunca ngora, ratib ngan duaan, anteur kami mulang, langka munding bulé,lédéh kahujanan,nangtung jadi ratu, tuan besar senang, nangtung ka nu butuh, tutali tumenggung, gung goongna ramé, ménak Ki Wastanu, nu jadi wadana,naha manéh kitu,tukang olo-olo, loba anu giruk, ruket jeung Kumpeni, niat jadi pangkat,katon kagoréngan,ngantos Kangjeng Dalem, lempa lempi lempong jalan ka Batawi ngemplong, plong ka kulon plong ka wétan, tantara Lemah-abang, bangkong luncat ka sawah, wahon Abdul Wahab, Habib tukang bajigur, Gurka kurang ajar, jarah ka Batutulis, lisung nini-nini, Nipong tukang tipu, puas dibom atum, tuma nyaliara, ramé di Jakarta, tara ti sasari, ribut loba Indo, Indonésia Meredéka.
• Pérépét Jéngkol
Pérépét jéngkol, Jajahéan, Kadempét kohkol, Jéjérétéan
• Paciwit-Ciwit Lutung
“Paciwit-ciwit lutung, Si lutung pindah ka luhur.”
Kawih lianna :
“Paciwit-ciwit lutung, Si lutung pindah ka tungtung.”
• Ucang-Ucang Anggé
“Ucang-ucang anggé, Mulung muncang ka papanggé, Diudag ku anjing gedé, Anjing gedé nu Ki Lebé, Ari gog, gog cungungung”
• Trang-Trang Koléntrang
“Trang-trang koléntrang, Si londok paéh nundutan, Tikusruk kana durukan, Mesat gobang kabuyutan.”
Kawih lianna :
“Trang-trang koléntrang, Si londok paéh nundutan, Tikusruk kana durukan. Mesat gobang kabuyutan, Nyéh prot nyéh prot, Nya nyéréh nya kempot.”
• Olé-Olé Ogong
“Olé-olé ogong, Melak cabé di Tarogong Dihakan ku embé ompong Ditéang kari sapotong.”
• Kalong King
“Kalong king, kalong king, Bapa sia utah ngising, Dibura ku madu ucing. Madu Ucing meunang maling, Maling ti imah aing.”
• Meuncit Reungit
“Di dieu meuncit reungit, Di dinya meuncit domba. Di dieu beuki leungit, Di dinya beuki loba.”
Kawih lianna :
“Ka ditu meuncit domba, Ka dieu meuncit reungit, Ka ditu beuki loba, Ka dieu beuki leungit.”
• Tong Tong Papatong
“Tong tong papatong Dibéré cau sapotong, Ari béak ménta deui, Teup,teup,teup Ari eunteup jang Si Ujang”
• Pim-Pom Pilem
“Pim-pom pilem jabésé, Sédan beureum ti Jogja, Batu ngampur dikempis, Pisang cau karonéng, Néngtét bujal di gunung Nungtun sapi keur depa, Parahuna tiguling.”
• Oray-Orayan
“Oray-orayan Luar-léor mapay sawah, Entong ka sawah Paréna keur sedeng beukah, Oray-orayan Luar-léor mapay leuwi, Entong ka leuwi Di leuwi loba nu mandi, Saha nu mandi, Anu mandi pandeuri, Oray-orayan Luar-léor mapay kebon, Entong ka kebon Loba barudak keur ngangon, Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi, Saha nu mandi Nu mandi pandeuri.”
26. Luncat Tali
Luncat tali nyaéta kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked. Kulantaran iue, biasana tali teh dijeiun tina karet geulang ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang.Mimiti dua budak jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku leungeun.
Cara maenna :
budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun bates tali tea. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng teh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias kudu gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel kana tali. Beunang oge make tehnik "dikepoh" nyaeta suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng tea.
27. Meuncit Reungit
Meuncit reungit nya éta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun bari siduru atwa kabeneran aya nu keur ngadurukan sampah boh kolot boh budak deui nu keur ngadurukanna mah, tempatna di buruan imah atawa tukangeun imah nu lega jauh ti imah tatangga sabab paur bisi kadurukan tépa ka nu séjénna.Ngajauhan hal éta, kolot biasana ngadurukannana di tempat nu terbuka atawa deukeut jeung cai, saperti di sisi susukan atawa di tempat nu loba taneuhna saeutik jukutna.Biasana dilakukeun ku barudak keur waktu peuting atawa magrib saméméh ngaji ka masigit atawa saméméh solat isa, sok ulin heula bari ngawih ngagugulung kolot atawa budak séjén nu kabeneran keur ngadurukan sampah pelastik atawa ngahaja siduru alatan tiris kabulusan, kakawihan ieu dipangaruhan pisan ku kaayaan tempat, biasana barudak nu cicingna di daérah gunung atawa di sisi laut jarang dikawihkeun ku barudak nu cicingna di perkotaan.

Rakitanana kieu: Di dieu meuncit reungit, Di dinya meuncit domba, Di dieu beuki leungit, Di dinya beuki loba.
Kawih lianna : Ka ditu meuncit domba, Ka dieu meuncit reungit, Ka ditu beuki loba, Ka dieu beuki leungit.
28. Ngadu Kaleci
Ngadu kaléci nyaéta kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
Palaturan
Kaulinan ieu paling henteu kudu dimaenkeun ku duaan. Dibutuhkeun kaleci (pincian) jang maenkeunana. Hiji pincian jang pamatah nu sejena jang mayar mun eleh.
Ngadu kaleci perlu lahan nu rada lega. Paling henteu saukuran lapangan poli atawa satengahna. Makana mun maraen pincian teh di pakarangan imah nu lega. Dina area ngadu kaleci dijieun dua garis nu sajajar. Jarak garis kahiji ka garis kadua sekitar paling henteu 4 meter.
Cara maenkeunana kieu; 1. Pemain narangtung di garis nu kahiji siap-siap ngalungkeun kaleci. Tujuan ngalungkeun ngarah kaleci lagragna deukuet ka garis nu kadua, syukur-syukur pas dina garis (telep). Urutan ngalungkeun mun kakarek maen biasana diundi make cara sut (gangsut?). 2. Pemaen nu kalecina lagragna pang deukeutna kana garis maen pangheulana. Di susul ku nu sejena dumasar kana jarak ka garis. Cara maenekuna make ramo tangan kaleci diarahkeun ka kaleci batur. Mun beunang budak nu kalecina beunang kudu mayar ku kaleci, oge langsung ngarah kaleci nu sejena. Hiji. Mun teu beunang nya enggeus ingkeun nungguan bisi kaleci urang rek diarah ku batur.
29. Ole-Ole Ogong
Olé-olé ogong nya éta kawih kaulinan nu biasana dikawihkeun ku barudak nalika panén bari laleumpang dina galengan maranéhna nyieun taléot (empét-empétan) dijieun tina jarami garing.Biasana mun keur usum panén Barudak sok bari olé-oéan suka bungah jalan galengan mapay sawah bari arulin sok tara balik ka imah lamun can bérés nyieun taléot mah.

Rakitanana kieu : Olé-olé ogong, Melak cabé di Tarogong, Dihakan ku embé ompong, Ditéang kari sapotong.
30. Oray Orayan
Oray-orayan nya éta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silicekel heula taktak .Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunnana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi ka asup salah saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka kénca, kawihna kieu:
Oray-orayan Luar-léor mapay sawah, Entong ka sawah Paréna keur sedeng beukah, Oray-orayan Luar-léor mapay leuwi, Entong ka leuwi Di leuwi loba nu mandi, Saha nu mandi, Anu mandi pandeuri, Oray-orayan Luar-léor mapay kebon, Entong ka kebon Loba barudak keur ngangon, Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi, Saha nu mandi Nu mandi pandeuri.
Sanggeus kitu, huluna tuluy ngudak buntutna bari disada, "kok, kok, kok, kok".
Kawih liannna : “Oray-orayan Oray naon, Oray bungka, Bungka naon, Bungka laut, Laut naon, Laut dipa, Dipa naon, Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!”
31. Paciwit ciwit Lutung
Paciwit-ciwit lutung nyaéta kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih.
Kawihna kieu: "Paciwit-ciwit lutung, si lutung pindah Ka tungtung" pindahkeun panangan nu asalna dihandap ka tungtung”
32. Pacublak Cublak Uang
Pacublak-cublak uang nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun babarengan bari dariuk nu saurang nangkuban tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguhanna téh nya éta karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salah saurang budak tuluy pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salasaurang neguh di saha karikil atawa sisikian ayana,mun kapanggih saha nu nyepeng éta karikil atawa sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng sisikian anu kudu nagkuban. Dina sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nya éta barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh.Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salasaurang ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh.Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh.

Pacublak-cublak uang, Uangnya manggul lonténg, Butata butiti, Si Tata wara-wiri,
Tangsi nona, tangsi babah, Si sidin mau kawin, Gamelan jegar-jegur, Amil panghuluna,
Ta e em, ta e em, ta e em, ta e em, ta e em.
Rakitan kawih séjénna :
Pacublak-cublak uang, Manggoléntng-manggolanting, Butata butiti, Gembrang-gembrung,
Gembrang-gembrung, Bo e-em, bo e-em.
33. Pelak Cau
Pelak cau nyaéta kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
Cara ulinna hiji budak (biasana nu pangkuatna) nangkeup tihang imah. Ditukangeunna barudak sejen (bisa 2,3,4,5 jst) nangkeup ka eta budak, biasana mah budak nu panglembekna aya dipangtukangna. Ieu meureun asal ngaran kaulinan teh runtuyan budak diibaratkeun rungkun cau. Salian ti 'rungkun cau' ieu, aya salah saurang budak nu 'jaga' alias dihukum jadi 'patani' nu boga tugas mindahkeun pelak cau tea.
Nu jaga ieu kudu ngawihkeun samacam kawih uluk panto tuluy nyoba ngabetot runtuyan barudak nepi ka leupas hiji-hiji mulai nu pangtukangna. Mun aya budak nu leupas ieu kudu milu jadi balad 'patani' tea, babarengan ngawih jeung nagbetotan babaturanna nu masih keneh nangkod dina rungkun, pakuat-kuat we nepi ka rungkun cau tea beak. Kaulinan ieu, mun barudakna karuat, bisa meakkeun waktu mangjam-jam.
34. Pim Pom Pilem
Pim-pom pilem nya éta kawih kaulinan anu tujuanana pikeun ngundi. Biasana aya pamingpinna ti salasaurang barudak (dipilih anu panggedéna),cara maénna pamingpin ngeupeulkeun leungeun anu kénca tuluy dikatengahkeun.Barudak séjénna anu ngarariung nurutan, ngeupeulkeun leungeun katuhuna tuluy dikateungahkeun tuluy pamingpinna ninggangan keupeulan barudak ku leungeun katuhuna bari ngawih. [Lamun ngawih pamingpinna nepi kana "tiguling", ninggangan eureun. Budak nu katinggang leungeunna meunang undian.
Rakitanana kieu : “Pim-pom pilem jabésé, Sédan beureum ti Jogja, Batu ngampur dikempis, Pisang cau karonéng, Néngtét bujal di gunung, Nungtun sapi keur depa, Parahuna tiguling”
35.Prang Pring
Prang-pring nya éta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari dariuk ngajajar, atawa ngariung bari nyanghunyar. Bari ngawih ditepakan, budak nu katepak panungtung kudu mintelkeun sukuna jadi émok.Biasana ngawih ieu prang-pring téh sok di téras imah bari ngadagoan hujan raat, atawa ngadagoan kadaharan anu keur dipasak ku indung salah saurang budak nu boga imah éta.

Rakitana kieu : “Prang-pring-prung, Sabuluh buluh gading, Saunda unda perang, Nya perang di pangadegan, Turuné puyuh Hayam jago babaranten, Dikencréng-kencréng kucubung, Kucubung kuruwak dugel, Mana dugel ka si muntel, Telur jalu kembang kuménggér géyé.”
36. Perepet Jengkol
Pérépét jéngkol nyaéta kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
Nu maenna 3-5 urang, gerakanana engkle bari muter, biasana dipaenkeunna di buruan imah atawa di sakolaan. Ieu kaulinan bisa jadi lomba mun dipaenkeun ku sababaraha kelompok. Tiap-tiap kelompok kudu mertahankeun ulah nepi ka leupas si kakaitan suku teh. Nu meunang nyaeta nu bisa nahan/lila teu leupas-leupas.
Maenna, tiap-tiap budak milih kelompokna, tuluy patukang-tukang bari pacekel-cekel leungeun, salajengna suku kenca atawa suku katuhu eta budak dikaitkeun kana leungeun nu keur pacekel-cekel tea, disusul deui ku suku budak nu sejen, budak nu pamungkasngaitkeun suku kudu bari ngonci suku-suku nu sejen, meh teu gancang leupas. Sanggeus dikonci, tuluy leungeun barudak nu pacekel-cekel dileupaskeun. satuluyna engkle bari muter, salian ti muter bari emprak jeung ngawih. Ngawihna kieu: "Perepet jengkol jajahean,kadempet kohkol jejeretean". Mun diantara budak, sukuna aya nu leupas, nya lasut, sedengkeun nu masih kuat mah nya dituluykeun. Mun kabeneran aya keneh sababaha kelompok nu kuat, kelompok-kelompok eta patubruk-tubruk; sing saha nu teu bisa nahan tuluy labuh, eta nu eleh.
Kieu kawihna: Perepet Jengkol Laras: Salendro, Surupan 1 = Barang
2 1 5 1 2 1 5 1 1 2 1 5 1 2 2 1 5 1 1 perepet jengkol jajahean kadempet kohkol jejeretean
37. Sasalimpetan
Sasalimpetan nya éta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari ulin pacekel-cekel leungeun, tapi lobaan ngajajar ka gigir bari posisina dariuk sila nu panghareupna nangkeup kana tihang atawa barang nu disanhareupanana rék barang naon waé asal bisa katangkeup.Biasana dilakukeun bari anyang-anyangan lamun nu maénna barudak awéwé, tapi lamun nu maénna barudak lalaki mah tara bari anyang-anyang, sakapeung mah sok eméng-eméngan ahir ngawihna téh. Cara maénna nu tungtung beulah kénca muntang kana tihang atawa tangkal.Bari ngarawih nu pangtungtungna beulah katuhu leumpang ka beulah kénca dituturkeun ku nu séjénna, nepi ka kabéh budak leungeunna murilit.Bari murilit ngarawih sasalimpetan nepi ka beunang hiji budak ku budak séjénna sangkan kapanggih saha nu éléh jeung saha nu meunang, biasana sok dinyanyikeun ku barudak nu masih leutik kénéh nu umuran sakola TK di bingbing ku guru TK na séwang-séwangan dibagi kelompok, tapi jaman ayeuna mah ieu kawih téh sok dinyanyikeun ku barudak nu umuran SD ogé pikeun hiburan di sakola atawa di buruan imah.

Rakitanana kieu : “Sasalimpetan Jajahan aing nu panjang héy! héy! Saha nu panjang”
38. Sondah
Sondah nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
Cara Maenkeuna :
Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci. biasana dina taneuh diguratan heula,rek ku kapur atawa ku naon wae asal aya tapak guratna. Tempat sondahna naha rek gambar imah,atawa jelema,lamun gambar jelema, minangkana sukuna teh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak. Tuluy anderok atawa calana mun anderok samodel trapesium dibagi dua,mun calana samodel pasagi panjang sarua dibagi dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.
Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng.Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah tea, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maenna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. Budak engkle-engklean (kaci ku suku kenca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah anderok/calana kaci istirahat. Tuluy na bagean awak gambar engkle deui, nepi ka sirah gambar istirahat, tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy engkle deui, pas lebah aya kojo tea nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy engkle deui. mun geus beres, kojona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy we kitu puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.
39. Sorodot Gaplok
Sorodot gaplok nyaéta ampir sarua jeung engkle ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.
40. Suten
Suten atawa pingsut nyaéta kaulinan leungeun samodél Rock,Paper,Scissors anu kawéntar sadunya, ngan pédah dilakukeunana maké ramo.Suten biasa dipaké pikeun nangtukeun saha anu jadiucing dina kaulinanucing sumput ucing ucingan,jsb.
41. Sermen
Sérmen nyaéta kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
42. Tong-Tong Papatong
Tong tong papatong nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun ku barudak lamun rék ngala papatong.Biasana dikawihkeun bari néangan papatong mawa eupan nyéré nu maké geutah cau atawa dangdauanan nu geus digeutahcauan mancing papatong sangkan datang eunteup ka éta daun baheula mah ngalapapatong téh ku awi atawa nyéré bari digeutahan ngarah napel papatongna teu bisa ingkah jeung biasana ari dikawihan mah papatong téh sok babari datangna, teu cara ngan diudag-udag hungkul sok hésé ngalana jeung sok kabur waé, ari kaburna papatong mah sakali ngapung téh sok jauh pisan ti tempat manéhna eunteup jadi hésé néanganana,nu matak barudak baheula mah sok ngarawih bari ngala papatong téh.Matak maké geutah cau téh sabab geutahna téh rapet pisan bisa ogé maké geutah tangkal karét éta mah bakal leuwih rapet. Cara ngawihkeunana ogé kudu tarik ulah laun, sangkan papatongana daratang, ngawihkeunna ogé kudu bari leuleumpangan ulah cicing di tempat, kudu bari néangan, kieu rakitan kawihna:

“Tong tong papatong Dibéré cau sapotong Ari béak ménta deui Teup, teup, teup Ari eunteup jang Si Ujang.”
43.Tokecang
Tokécang nya éta kawih kaulinan barudak anu dipaké ku barudak bari pacekel-cekel leungeun duaan-duaan, pahareup-hareup papasangan boh budak lalaki boh budak awéwé bari dariuk.Nalika ngawih duanana maralik bari murilitkeun leungeunna jadi patukang-tukang.Biasana ieu kakawihan téh sok dikarawihkeun bari nungguan hiji hal boh éta mangrupa barang boh jalma nu ditungguannana,tujuanana pikeun ngaleungitkeun kakesel atawa kakeuhuel jeung ngeusi waktu nu lowong sangkan ngabubungah sorangan, atawa barudak SD mah ieu kakawihan téh sok dipaké ulin anyang-anyangan atawa ngeusi waktu nu kosong lamun keur istirahat sakolana, sakapeung mah sok dipaké lomba atawa pasanggiri kawih kaulinan sunda ku golongan nu tangtu pikeun tujuan pribadina husus) atawa tujuan umum pikeun masarakat ngamumulé budayana nu tileum kagésér ku budaya deungeun.Kieu rakitan kawihna, dikawihkeun bari leungeun nyepeng suku pasangan atawa budak nu disanghareupanana: “Tokécang, tokécang Moncor ka handapeun palang Nangtungna patukang-tukang.”
Kawih lianna :
1. Tokécang, tokécang Balangendir tosblong Angeun kacang angeun kacang Sapariuk kosong
2.Tokécang, tokécang Balangendir tosblong Angeun kacang,angeun kacang Sapependil kosong
3.Tokécang, tokécang Malik pendil tosblong Angeun kacang, angeun kacang Sapariuk kosong
44. Trang-Trang Kolentrang
Trang-trang koléntrang nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun ku barudak sangkan hujan raat, ngarawihna babarengan henteu sosoranganan.dina ngawihkeunana dipingpin ku hiji budak nu pangkolotna, tuluy diturutan ku budak séjénna.Biasana ngarawihna bari dariuk, atawa keur ngarumpul di tepas jeung téras imah sabari siduru di hawu atawa sabari ngariung jeung kulawargana, atawa jeung babaturanana teu kaci lamun ieu kawih dikawihkeunna ku sorangan, cenah mah hujanna ogé moal raat lamun dikawihkeunna ku sorangan mah jadi kudu ku lobaan babarengan, sakapeung mah sok dilombakeun ieu kakawihan téh pikeun sababaraha golongan nu tangtunu reueus kana kabudayaan sunda.Barudak bihari mah kana kakawihan téh éstuning tarapti pisan, mun rék nanaon ogé sakapeung mah sok bari ngawih boh keur leumpang, keur cicing komo keur ngalamun mah malah sok nyiptakeun sisindiran sorangan dina lamunanana. Ieu dihandap aya kawih kaulinan budak mun keur nungguan hujan sangkan raat kieu rakitanana: “Trang-trang koléntrang, Si londok paéh nundutan, Tikusruk kana durukan. Mesat gobang kabuyutan.”
Kawih lianna :
“Trang-trang koléntrang, Si londok paéh nundutan. Tikusruk kana durukan. Mesat gobang kabuyutan. Nyéh prot nyéh prot. Nya nyéréh nya kempot.”
45. Tungtung Kalintung
Tungtung kalintungan nya éta kawih kaulinan anu sarua jeung Pacublak-Cublak Uang tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguheunna téh karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salasaurang budak tuluy pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salasaurang neguh di saha karikil atawa sisikian ayana, mun kapanggih saha nu nyepeng éta karikil atawa sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng sisikian anu kudu nagkuban.Dina sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nya éta barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh. Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salasaurang ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh. Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh.

Ieu di handap rakitan kawihna, dkawihkeun sabari dariuk sarua jeung Pacublak-Cublak Uang ngan bédana tina rakitan kawihna ari cara ngalakukeunna mah sarua.
“Tong mali, maliatong mendekong,
Kayu manis disangkané ora sombong ,
Sombong rinci-rinci, Sombong rinci-rinci,
Mbok ayu tiang pundi, Pundi tongtak-tongtak, Pundi tongtak-tongtak.
Tung tung kalintungan, Manis kalintung sawuda-wuda wana, Bayem raja tua tangisono,
Titip lendung titip jangkung, Tumurun pangantén anyar,
Cir kuciprak, kadeléh montok
Cir kuciprak, kadeléh montok”
46. Tutunjukan
Tutunjukan nya éta kawih anu dikawihkeun bari nunjukeun curuk nu diriungkeun.Tutunjukan ieu dikawihkeun bari diuk ngariung, biasana maén ieu tutunjukan téh sok di téras imah bari ngadagoan hujan raat, atawa ngadagoan kadaharan anu keur dipasak ku indung salah saurang budak nu boga imah éta.Barudak nu ngalakukeun ieu kawih téh sakapeung mah sok bari maén teteguhan bari teu weleh suka bungah, malah barudak nu cicingna di palemburan mah sok milih tibatan nonton TV mending kénéh ngawih bari maén ieu tutunjukan, béda jeung barudak nu cicingna di kota kaulinanana ogé geus canggih nya éta maén game dina komputer atawa maén PS (Play Station), béda pisan katingalina antara budak nu cicingna di kota jeung budak nu cicingna di lembur,tapi teu saeutik jaman kiwari mah budak nu cicingna di lembur ogé sok aya nu maén game dina komputer, matak jarang barudak jaman ayeuna nu apal kana kawih kaulinan. Ieu di handap conto kawih kaulinan tutunjukan.

Rakitanana:
“Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai, Ah embung, sieun bugang dina muncang
Kokoplak sayang kadanca Si paok katinggang picung, Cungcurung ka Cipicung Dél odél papatong dosol Tinyohnyor.”
Kawih lianna : “Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai, Sieun bugang dina muncang Kokoplak sayang kadanca Kadanca katindih picung, Cungcurung kawin odéng Odéng panjang buntut.”
47. Ucang Ucang Angge
Ucang-ucang anggé nya éta kawih kaulinan anu biasana dilakukeun ku budak atawa kolot nu keur ngasuh budakna, bari ucang-ucangan diuk dina golodog nu aya kolongan, sukuna diayun-ayunkeun ka hareup jeung ka tukang ka lebah kolong handapeun pangdiukan sababaraha kali.Biasana bari ngasuh budak leutik boh adi boh dulur ku nu ngasuh budak leutik mah tonggong dampal sukuna sok didiukan ku budak asuhanana, bisana ngolo budak nu hayang jajan indungna teu boga duit, atawa ngolo budak nu keur ceurik diheureuyan ku batur sok seuri deui ari diucang-ucangan mah langsung bungah deui, kitu kolot baheula mah ari ngolo budak téh, béda jeung jaman ayeuna ngolo budak téh geus wé dibéré duit langsung cageur biasa deui, éléh ku duit mah atawa dibéré eskrim geus wé langsung jempé ceurikna téh.Barudak nu naék dahan awi ogé sok ucang-ucangan bari ngawih ucang-ucangan malah aya nu sok bari eundek-eundekan ngaheureuyan nu ngaliwat.

Ngawihna kieu : “Ucang-ucang anggé Mulung muncang ka papanggé, Diudag ku anjing gedé, Anjing gedé nu Ki Lebé Ari gog, gog cungungung.”
48. Ucing Sumput
Ucing-ucingan nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Kaulinan ieu (ID. petak umpet) kawentar di mamana, hususna di Indonesia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten.
Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabeh budak geus kapanggih.Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan neangan sesa baturna nu can kapanggih,bisa oge henteu gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh maen.
Aturan maen nu sejenna biasana mah ngeunaan wewengkon (daerah- Bahasa Indonesia; area-English) nyaeta wates-wates panjauhna hiji budak meunang nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan maen teh nu disatujuan samemeh maen. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manehna kapanggih pangpandeurina.
Variasi :
Aya ogé nu sarupa nyaéta ucing kaléng, ucing jibéh, jeung ucing bancakan.
49. Ucing Ucingan
Ucing ucingan nyaéta kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
Palaturan :
Ucing-ucingan biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang.paraturananan dimimitian ku undian/hompimpah pikeun nangtukaeun saha ucingna.Budak anu kabagen jadi ucing kudu ngudag babaturanana sangkan beunang katoel/katepak.aya dua paraturan nyaeta mun geus beunang katoel ku ucing, otomatis jadi ucing jeung budak nu jadi ucing samemehna bisa bebas tina tugas jadi ucing.
Paraturan sejenna, mun pareng beunang katepak ku ucing, nu katepak eta otomatis jadi babaturan ucing, jeung nu ucing memehna tetap jadi ucing tepi ka kabeh anu miluan ucing-ucingan bisa katewak. mun geus katewak, biasana balikan deui tina hompimpah.
50. Encrak
Éncrak nyaéta kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem.siki tanjung, jsb.)
51. Engkle
Éngklé nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu.Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.

إرسال تعليق